Skip to main content

si'iran sedih pun umi guru

kematian adalah suatu yang pasti, kematian bukan berarti akhir dari segalanya. berikut adalah si'iran untuk beliau yang telah berpulang ke rahmatullah

ku bismilah di kawitan
ngadamel ieu si'iran
ku abdi yang membutuhkan 
kana rohmatna ieu pangeran

iye si'iran sim abdi
anu timbul dina ati
anu keur ngaragap diri
ditinggal pupus ku umi

pamugi  sadaya ngarti 
kana si'iran sim abdi
anu dina sanubari
kie ditinggal ku umi

barang dina hiji waktu 
kaleresan malam  sabtu 
aya kabar ti ICU
tentang kondisi pun guru

sim abdi asa teu nyangka
tapi da ieu teh nyata
pun umi pupus ayeuna
sim abdi mani nalangsa

sim abdi hente kawasa
nahan ieu teh sedihna
tapi da kedah narima
kodo kodar ti gusti

jenajah di tengah bumi
sadaya pada ningali
maksud tajia ka umi
mani seeur silih berganti

umi tos di pulasara
tinggal di tutup ayeuna
sim abdi hente kawasa 
ningali keur pamentena

ting koceak ting jarerit
careurik maratan langit 
surga santriat careurik
santri jama'ah careurik

sadaya pada ngiringkeun 
ka majilis rek di solatkeun
langsung teras di pendemkeun
di makom di sadiakeun

teu kapikir tidituna
teu di sangka teu diduga
pun umi pupus ayeuna
sedih kabina bina

pamenteu umi kabayang 
di pangkuan di lamunan
siangna janten kenangan
wengina janten impenan

soca ngalirkeun ci soca
sim abdi kawas nu buta 
di tinggal nu mika cinta
nalangsa luar biasa

Comments